Biografi Agus Salim

 






BIODATA 

Nama : Agus Salim

Kelahiran : 8 Oktober 1884

Meninggal : 4 November 1954

Pasangan : Zainatun nahar agus salim

Agus Salim dibabarkeun ku Soetan Salim, Soetan Mohamad Salim jeung Siti Zainab. Jabatan terakhir bapana nyaéta Jaksa Agung di Pengadilan Tinggi Riau.

Prestasi : 

• Agus Salim diaranan  "The Grand Old Man", lantaran prestasina dina widang diplomasi jeung kaparigelan basa deungeun. sabab, Agus Salim katelah ngawasa tujuh basa, nya éta Walanda, Inggris, Arab, Turki, Perancis, Jepang jeung Jerman.

Peristiwa penting :

• Nyusun UUD 1945 babarengan jeung 18 jalma séjénna anu dipingpin ku Soekarno.


Agus Salim

Agus Salim mangrupa putra cikal ti pasangan Sutan Salim Gelar Sutan Muhammad Salim jeung Siti Zaénab. Ari bapana nyaéta Sutan Salim téa hiji jaksa kapala (hoofd jaksa) ogé jadi anggahota Mahkamah Agung mangsa harita. ku sabab kadudukan bapana anu luhur, Agus Salim bisa sakola di HBS (Hogere Burger School). Agus Salim dipikawanoh calakan nepika kacutat jadi lulusan panghadéna di sakolana. Kawantéranna kaasup luar biasa dina pangawasaan basa. Henteu ngan saukur basa daérah, Minang basa Indonésia jeung basa Walanda, Agus Salim ogé ngawasaan basa deungeun séjénna: basa Perancis, Inggris, Jérman, Jepang, Turki jeung Arab kalayan faséh. Kahébatanna dina widang basa ieu jadi bekel pikeun icikibungna dina dunya pulitik Indonésia.

Mimitina mah Agus Salim téh boga cita-cita hayang jadi dokter. Hanjakal kulawargana henteu boga biaya pikeun marengkeun cita-citana éta. Sabenerna mah anjeunnana téh meunang limpahan béasiswa ti Radén Ajeng Kartini nu mana béasiswa éta téh anu ditolak ku R.A. Kartini ku sabab rék dikawin. R.A. Kartini nyarankeun ka pamaréntah Hindia Walanda pikeun mikeun béasiswa ditarima ku manéhna téh sangkan dilimpahkeun ka Agus Salim. Tapi teuing kunaon Agus Salim henteu ngamangpaatkeun kasempetan éta pikeun marengkeun cita-citana. Anjeunna kalahkah milih langsung digawé ka pamaréntah Hindia Walanda. Margalantaran.

pangabisana anu hébring dina widang basa, pamaréntah Hindia Walanda nugaskeun anjeunna ka Jiddah pikeun jadi pangalihbasa di kantor konsulat Walanda. Di nagari Arab, Agus Salim guguru ka Imam Masjidil Haram, syékh Ahmad Khatib anu sihoréng nyaéta uwana sorangan. Kacutat salila 5 taun (1906-1911) Agus Salim dumuk di Jiddah.

Dina taun 1915, Agus Salim ilubiung kana Sarékat Islam (SI) dina mangsa kapamingpinan H.O.S. Cokroaminoto. Dina sajorélat, maranéhanana nyobat dalit jeung digawé bareng pikeun jaga Indonésia ka hareupna. Agus Salim dipercaya ngagantikeun Cokroaminoto di Volksraad. di dieu, anjeunna mindeng ngomong bubukaan, heuras, jeung nangtang. Mingkin ka dieu perjuangan Sarékat Islam beuki robah, Agus Salim udzur tina Volksraad. Anjeunna salajengna aktip di JIB (Jong Islamieten Bond) ogé digawé minangka jurnalis.

Saenyana Agus Salim téh ngaleukeunan dunya jurnalistik ti taun 1915 di Harian Neratja miangka Redaktur II. Sanggeus kitu diangkat jadi Pupuhu Redaksi. Kagiatanna dina widang jurnalistik tumerus lumangsung nika antukna jadi Pamingpin Harian Hindia Baroe di Jakarta. Saterusna ngadegkeun surat kabar Fadjar Asia. Salajengna anjeunna ngajabar minangka Rédaktur Harian Moestika di Yogyakarta jeung muka kantor Advies en Informatie Buréau Penerangan Oemoem (AIPO).

Karya Tulis : 

• Riwayat Kedatangan Islam di Indonesia

• Dari Hal Ilmu Quran

• Muhammad voor en na de Hijrah

• Gods Laatste Boodschap

• Jejak Langkah Haji Agus Salim (Kukumpulan karya Agus Salim nu dikompilasi ku kolegana, Oktober 1954)











Komentar